Gowes Ka Kanekes

Indit poe Sabtu (13/5/2023) jam 10 isuk. Tempat start di Museum Multatuli. Kami 10an rencana deuk ka Kanekes naek sapeda. Kusabab aya baturan anu kudu ditepungan di Cipanas, Gajrug sabab manehna gowes ti Bogor. Atuh kami sarombongan nuju ka Garjug.

Di rumah makan sate kami dalahar beurang. Panon poe panas jasa. Geus rengse dahar jeung solat kami ngalaju ke Ciminyak. Tuluy ka Cisimeut. Di Ciminyak hujan gede. Eta perjalanan ti panas mentrang-mentrang nepi ka hujan. Kami atoh ngagowes. Sok waas ngaliwat ka Jalan Cipanas-Ciminyak. Sabab kami ti 2009 nepi ka 2017 di Ciseel. Kampung tempat kami ngawalan jadi guru di SMPN 3 Sobang. Hampura ka Kang Acip kami teu ampir.

Sakira satengah lima sore kami anjog ka Ciboleger. Tuluy nyimpen sapeda di Kang Sadiman. Anggeus bebersih jeung solat laju kami leumpang ka Kaduketug III. Kami deuk nginep di Kang Jamal.

Wayah Isa kami dijamu ku tuan rumah. Dahar sangu jeung sambel asa nikmat jasa. Komo aya lauk asin. Tuluy ngawangkong.

Oh enya, eta kami sasapedahan jeung rombongan ti Semarang. Acara leuleutikan ieu diluluguan ku tukang gowes super Jeni Abdul Rokhim. Nuhun, Jen.

Sapeupeuting kami nguprek ngarobrol bari disuguhan kopi anu digiling sorangan. Make cai tina kompor leutik. Kabeneran aya Niduparas Erlang di Kang Jamal. Atuh kacida eta Nidu jadi narasumber sapeuting jeput. Tapi teu kuateun sih. Da pas tengah peuting ge geus ka pangsarean.

Isukna poe Ahad kami leumpang ka Gajeboh. Lumayan ngendorkeun urat betis. Ambeh pas ngagowes balik rada lancar sabab tadi peuting aya kopi jeung kadu. Beres di Gajeboh. Sarapan di Kang Jamal. Tuluy beberes.

Sakira jam sapuluh kami balik ti Kanekes. Jalan balik beda jeung waktu indit. Balikna mah ti Cisimeut teu ka Ciminyak tapi ka Leuwidamar. Tuluy ka Cimarga. Anjog di Rangkas pas adan Asar. Waktu indit sakira 65 kilo. Tapi pas balik mah 45 kiloan.

Nuhun pisan ka batur-batur ti Semarang. Iraha-iraha deui urang sasapedahan ka Banten Kidul. Ka laut pantai Sawarna. Jigana mantap. Nuhun.

Follow me!

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *